Wiwitan Indit-inditan

yasana Rahmatullah Ading Affandi (RAF)


Lingga Binangkit rek tandang
Niat milu makalangan
Nganyarkeun anu tiheula
anyarkeuneun anu jaga

A’udzubillah – Bismillah – Alhamdulillah
Solawatan ‘ala Muhammad Rosulillah
Tsumma amma ba’du – satutas eta

(instrumental)

Sabeuleugeunjeurna tina nuansa Tembang Sunda kembang-kembangna mah, sanajan lain hartina pangaruh tina paguyuban/panglawungan mamaos nu harita – taun 1962 – di Bandung geus aya tilu opat paguyuban Tembang Sunda Cianjuran. Ieu mah torojolna the tina lahan seni sastra (puisi) anu “takterpisahkan” tina budaya Tembang Sunda.

Kasebut ku batur RAF tukang nyieun scenario drama/sandiwara nu pangaawalna sabada Perang Dunia II –di antarana drama Dakwaan, Sakuriang, Yaomal Qiyamat– nyoba-nyoba ngarang scenario drama anu diancokeun pikeun dianteurkeun ku lagi siga “opera”.

Bari nu disebut lagu the, lagu dina wanda Tembang Sunda Cianjuran, sok sanajan kakara taram-taram kana wanda eta the, kakara resep ngabandungan. Numatak puisi the mangrupa guguritan pupuh anu teu leupas tina papagon Kinanti, Asmarandana, Sinom, Dangdanggula jeung saterusna. Diselapan ku sajak bebas, ingetan the ngagehan kawih anu dina wanda tembang disebut “lagu panambah” (ekstra), siga nyieun wawacan ngan pedah dina wangunan paguneman (dialog), can diterapan lagu.

Keur ngahanca naskah eta –kira-kira Juli 1962–, Ine (bojo – guru SLA/SGTK Sekolah Guru Taman Kanak-kanak Negeri) mawa beja yen aya murid anyar di kelas hiji, putrana Nyi Mas Saodah, nu harita kasebut jurumamaos tembang Sunda anu “top” anu meh saminggu tilu kali ngagalindeng di RRI Bandung. Harita mah kasebt “saehuna” mamaos.

Tah, ku “budak eta” dikenalkeun – diakrabkeun, malah—ka Ibu Saodah the. “Budak eta” anu dina tembang jadi “klise” Ibu Saodah the. Ibu Saodah nu dikumahaan ngalaguan naskah nu keur digarap the naskah lalakon Ekalaya Mulang.

Ku “budak eta” (Maemunah – Be-Em) dikenalkeun ka kulawarga Jalan Emung, salahsahiji “muara Tembang Sunda” di Bandung anu pageuh nynekel papagon Cianjuran. Diwanohkeun ka Ayi Satrianah budak pantaran Be-Em (Kelas 1 SMA) anu basa nyemah ka dinya the keur naek tangkal jambu. “Budak” nu luar biasa bakatna dina nyanyi jeung tembang. Kungsi jadi Bintang Radio tingkat nasional, kungsi jadi juara tembang. Salian jeung Be-Em jeung Ayi, geus wanoh jeung “jurig-jurig tembang” saperti Sakir Sutisna, Dadang Sulaeman, jeung Sodikman (adina Eman).

Tah, ku jirim-jirim eta (Ibu Saodah, Be-Em, Ayu, dadang Sulaeman dibarengan ku ahli senirupa Hidayat Wiradikarta), dianteur nyiapkeun “gending karesmen mini” Ekalaya Mulang the. Malah, ku “barudak eta” diwanohkeun kana Tembang Sunda, nepi ka jadi “terang” sanajan teu kungsi jadi “bisa”.

(Instrumental -pelog)

Ayi (Anggraeni), Dadang Sulaeman (Ekalaya), Be-Em (Emban), Sodikman (“penjahat”) dipirig ku Mang tarya, mang Ono jeung Mang Uking, “anak buah Ibu Saodah” ditambah ku Hidayat WK (Oyot) ngatur widang artistic (dekor, kostim, rias), Suharman jeung Wardi (tata cahaya), jeung RAF (penulis naskah, sutradara jeung pamingpin produksi sakaligus).

Urang petik, saeutik:

Anggraeni

Kuring nalek the taliti
Mapay-mapay the walatra
Ngaweweleh nitah waleh
Mamaksa wakca balaka
Nerangkeun (sing atra tetela) sajalantrahna
Di mana anjeun dumuk
Na di bumi na di mega

Atawa milu melangna Emban; ngagedean manah dunungan

Emban:
Karunya ku itu manuk
Geus lawas na luhur kai
Dikelat ti barang angkat
Jangjina mun mangke sumping
Beuheung manuk the rek sapat
Rek ditiir ku jamparing


Beuki remen manggung, beuki remen latihan, beuki sering kumpul-kumpul ruing mungpulung, beuki rfeket duduluran. Nepi ka Ekalaya manggung di Yogya jadi utusan Gupernur Jawa Barat, grup canb dibere ngaran.

(Instrumental sorog)

Rampak

Katumbiri nutug leuwi
Titihan para apsari
Taraje keur widadari
lumungsur ti kahiangan
Muru ka jamban larangan
Suka seuri kokojayan
Ka Leuwi Sipatahunan
Kuwung-kuwung kahiangan
Monteng ka Sipatahunan
Lain leuwi sambarangan
Jamban larangan Pakuan

(Instrumental teruskeun lagu)

Ti lebah dieu lengkah wiwitan. Lengkah simpay duduluran. Ti lebah dieu, ti lebah ulekan Leuwi Sipatahunan…….

Grup
Katumbiri kahiangan
Montgeng ka jamban larangan
Jamban larangan pakuan
Ka Leuwi Sipatahunan


Intrumental (nuntaskeun lagu nepi ka fade out)

***

Bandung, awal Februari 1963

RAF dipuragaan ku panitia mepeling tepung taun ka 40 Surat Kabar Sipatahoenan pikeun ngareuah-reuah pesta sukuranana, ku pagelaran seni nu ngait ka ngaran “Sipatahoenan”.

Pertengahan Februari, naskah Gending Karesmen Leuwi Sipatahunan rengse dicipta, dilaguan ku Nyi Mas Saodah, dipasieup ku yasana budak ngora tukang ngawih, diaping ku penasehat Ibu Merry Muhammad (ibuna Ayi).

Dina ukuran seni pentas, Leuwi Sipatahunan kasup garapan gede. Dieusian ku kurang-leuwih 25 panembang/pelaku, jeung kira-kira 13 kru asrtistik. Intina tetep: Be-Em, Ayi, Dadang, Dikman, Sakir, Oyot. Ditambah ku “nu diajak” jeung nu dating ngalamar haying milu. Langsung sumebar di lingkungan Leuwi Sipatahunan yen pikeun milu kana rombongan, aya tilu sarat. Tilu sarat anu nyoko dina sipat: RESEP!

1. Resep kana lingkungan duduluranana
2. Resep kana seni, kana kaendahan
3. Resep kana Tembang Sunda

Tina tilu resep eta, gelar motto: ti nu resep, keur nu resep, sangkan batur jadi resep. Jadi, “komitmen” anu henteu katulis: hayu milu satungtung resep, jig amit mundur mun geus te resep, atawa moal diajak deui mun lingkungan geus teu resep ka inyana!
Ieu motto the, kahareup, baris jadi motto Lingga Binangkit anu maneuh, nepi ka prosedur anu “formal administrative” mah meh teu diperhitungkeun.

Lingkungan the ngarekahan, katambah ku bangsaning Ucu Malkan, Euis Hatijah, Eti Rohati, Siti Kulsum, Muljati, Adung Sumpena, Kusnadi keung rea-rea deui. Jadi lingkungan kekeluargaan anu sapamdegan, sakaresep, satujuan, pikeun jadi seniman anu aktif dina kreasi, anu atraktif dina audensi, dinamis dina apresiasi. Ieu tilu fitrah (tridarma seniman) kahareupna jadi rumus: Nganyarkeun anu ti heula, anyarkeuneun anu jaga. Tandes dikrarkeun dina “lagu kabangsaan” Lingga Binangkit.

(Intro – pelog)

Bingung. Panitia tepung taun Surat Kabar Sipatahoenan nanyakeun “grup naon ngaranna?” nu rek ngareuah-reuah resepsi tanggal 20 April 1963 the? Sababaraha poe mikir. Ahirna –duka ilham ti mana—ditetepkeun ngaran “Lingga Binangkit”. Lingga hartina lambing kasubur, karaharjaan. Binangkit hartina kaendahan.

Lingga Binangkit rek tandang …… !!

Grup
Lingga Binangkit rek tandang
Niat milu makalangan
Ilubiung babarengan
Ngeusian kamerdikaan

“Lagu Kabangsaan” Lingga Binangkit. Lirikna ciptaan RAF, laguna yasa Mang Endu.

Modalna tekad kahayang
nganggeuskeun hanca garapan
ngudagna tujuan pasti
putra bangsa nu sajati

tekadna ucapna lengkahna
ngudag kajayaan bangsa
lemah cai Indonesia
tekadna ucapna lengkahna
ngudag kajayaan bangsa

Lingga Binangkit rek tandang
Niat milu makalangan
Nganyarkeun anu ti heula
Anynarkeuneun anu jaga

(Instrumental – sorog)

Ti dinya wiwitan Lingga Binangkit indit-inditan. Titimangsa 20 April 1963, waktu gending karesmen wiwitan disodorkeun ka balarea dina tepung taun Surat kabar Sipatahoenan, ditetepkeun jadi “poe wewedalan” Lingga Binangkit. Ti dinya mimitina, tina dunya Tembang Sunda, liwat gending karesmen Lewi Sipatahunan.

Leuwi Sipatahunan…!

Darmawati
Bibi meureun nu ngawadul
Pajahkeun aya nu jangji
Padahal tepang ge boa
Padahal henteu ge panggih

Warsini
Daek kede Beulah kenca
Daek disamber kapinis

Grup
Antosan sakedap – dap
Da puraku jalir – lir
Lir sanes satria – ya
Yakin moal lepat – pat
Patepang di dieu – yeuh
Yeuh di sisi leuwi – wi
Medu sumpah bibi – bi


Darmawati
Bisa bae nembal – bal

Grup
Balikanan bisu – su

Darmawati
Sugan tuh kumaha – ha
Harita jangjina – na

Grup
Na Agan ku bawel

(Sora suling ngagelik)

Welasan kali Leuwi Sipataheunan dipanggungkeun, di antarana di Hotel Indonesia Jakarta. Karasana jadi gawe Lingga Binangkit Munggaran anu dianggap monumental, pangpangna ku masarakat Tembang Sunda.

Darmawati
Teu nyana maher nyulingna nya Bibi
Henteu sangka nya bibi pinter niupna
Ku teu nyana make yasa – teu nyana
Henteu sangka nya Bibi rea kabisa

Warsini
Deudeuh Agan deudeuh
Deudeuh kutan can uninga
Manawi the geus tingali

Darmawati
Ari sugan yeuh Bibi ngan tukang perang
Panyana the ngan bias tandang


(Instrumental – sorog)


***

Tah, ti lebah dinya. Ti lebah sakolepatna balebat ngaliwat, awit Lingga Binangkit indit-inditan the. Natrat ti Leuwi Sipatahunan. Bray geura beurang, ray geura caang. Lingga Binangkit tandang mawa cahaya harepan. Bray caang…!!

Solo Mojang
Geura caang geura siang
Geura bray beurang
Geus kesel nungguan beurang
Nutur-nutur indung peuting

Naha asa lami-lami teuing – ku lami
Kuring teu sabar nganti ti tatadi
Sabab dina cahya beurang
Aya sinar pangharepan
Sabab dina surya caang
Kuring ngarep-ngarep nu rek datang

Kahayang teh fajar
Geura ngalangkang
Pek ngolebat balebat pek kebat liwat
Mawa beja jeung harepan, emh – duh fajar
Geura ngalangkang


Grup
Jol geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat geura ngolebat

(Jol geura beurang
Bray geura caang
Bat pek ngolebat
Balebat geura ngolebat)

Urang Pakuan – masih di Leuwi Sipatahunan—mariang ka pakalangan pikeun ngabela nagara, saperti nu digambarkeun ku hiji mojang …

Solo
Kamari keur haneut moyan
Kuring panggih jeung abrulan
Saregut saragede pisan
Bangun rek ka pangperangan
Mun teu lepat titingalan
Sidikna eta abrulan
Moal salah Kang Wicitra


Solo suling ngagelik (intro lagu nu rek datang)

Darmawati
Minangka pamnteng kangen
Sangkan mayeng anteng nganteng
Yeuh candak tameuh anggoan
Wakil katineung nyarengan

Sundana
Jangji moal dileungitkeun

Darmawati
Lumayan pangjurung teuneung

Instrumental

Perang geus lekasan. Urang Pakuan nu saralmet baralik deui ka lembur matuh, banjar karang pamidangan, nagara ancik-ancikan. Nu datang ti heula pada nanya ku nu nareungguan deukeut Leuwi Sipatahunan…

Grup
Eta geuning gulang-gulang
Iraha datang
Senapati pilih tanding
Bagea sumping
Cing sugan paamprok
Cing sugan pajonghok

Gulang-gulang
Ke heula – ke heula
Tong wara nanya

Intro

Gulang-gulang
Hempek arek nanyna naon


Grup
Kuring…

Gulang-gulang
Montong babarengan
hayang saurang-saurang
Ngarah puguh

Mojang 1
Kuring heula….
Cing kumaha Kang Wicitra

Mojang 2
Kumaha ari Santika

Mojang 3
Kumaha ari Widara

Gulang-gulang
Hayang saurang-saurang

Grup
Ih geuning ku kasebelan
Bet kalah seserenghan
Leuheung mun aya rupaan
Kuma ari Kang Wicitra

Mojang 1
Enya asa rehe pisan
Ituh kalah cecengiran
Geuning jual mahal pisan
Kumaha ari Widara

Gulang-gulang
Ki Wicitra Ki Wicitra

Grup
Enya bener Kang Wicitra

Gulang-gulang
Mengke heula asa-asa
Ki Wicitra…. Ki Wicitra
Oh anu ceda pipina

Mojang
Enya anu jangkung tea

Ngaliwatan Gending Karesmen “Leuwi Sipatahunan” Lingga Binangkit dianggap hiji lingkungan anu milu ngaraksa ngariksa Tembang Sunda, seni budaya titinggal anu ti heula:

Sundana
Ti lebah Baranangsiang
Jeung ti tegal – ti tegal Siawat-awat
Malah ti beh – malah ti beh – Kedunghalang
Loba jalma – loba jalma marapagkeun
Nakleuk lebah Bantarjati
Nu pamagkeun ti janari – nu mapagkeun ti janari

Darmawati
Hampura kakang hampura
Pan kuring mah – pan kuring henteu ka jalan
Pedah nguping margi nguping


Sundana
… nguping naon

Darmawati/Warsini
Aya wartos aya anu ngawartosan
Cenah ngahaja ngiberan
Yen Agan mah moal mulang
Yen Agan mah moal mulang

(Intrumental)

***

Cag. Teundeun di handeuleum sieum, tunda di hanjuang siang…. Lingga Binangkit gumelar dina simpay duduluran jeung tekad nu kuat pikeun ngaraksa ngariksa pusaka anu ti heula.

Beunghar ku sesepuh-sesepuh anu nuduhkeun jalan, nunjang moril lan materil, saperti keluarga Sarbini Bastaman, Panji Natadikara, Tomi Boestomi, keluarga Muhammad, Harnadi jeung rea-rea deui. Lingga Binangkit tandang, muga tandang maka lana…/
Ti dinya wiwitan Lingga Binangkit indit-inditan….
Ya Alloh, Amiiin.. ya robbal ‘alamiin….

Grup
Ya Allah
Amin ya Robbal ‘alamin

Solo
Allah nawwir qulubana
Binuri hidayatika
Kama nawarta ardoka
Allah binuri syamsika
Abadan allah abadan
Birohmatika ya rahman

Grup
Ya Allah
Amin ya robbal ‘alamin

Solo
Alam mangka ngebrak caang
Ku panonpoe kagungan
Ngebrak ku sinar hidayah
Safaah sareng fatonah
Abadan Allah abadan
Birohmatika ya rahman

Grup
Ya Allah
Amin ya Robbal ‘alamin…..

Ka hareup neukteuk sajeujeuh
Ka tukang nila saregang
Ka hareup seukeut pangjeujeuh
Ka tukang awas nyoreang

Amin ya robbal ‘alamiiiiiin……

Bandung, 20 April 2005

RAF

~ oleh linggabinangkit pada Februari 7, 2008.

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

 
Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.